Langsung ke konten utama

Contoh TEKS MC Bahasa Sunda



السلام عليكم ور حمة الله وبركاته
الحمد لله وكفى .  الصلاةوالسلام على النبي المصطفى وعلى اله و اصحابه اهل الصدق                                                                                         والوفى (امابعد)                        


Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puji syukur ka ALLAH swt, anu parantos masihan kanikmatan ka urang sadaya terutami nikmat panjang umur, nikmat sehat. Sehingga urang tiasa kempel dina acara Sholawatan rutin iyeu .
Sholawat sinareng salam mugia tetep dilimpah curahkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, oge ka kulawargina, sohabatna, teu kakantun ka urang sadaya salaku umatna. Mugia tetep kenging syafa’atul udma jaga di yaumil qiyamah. Aamiiiin Ya Robbal Aalamiiiin.....
Anu dipikahormat ! Kasepuhan Bpk. Kyai Mustopa,
Oge jamaah sholawatan Al-Basyariah anu sami ku simkuring dipihormat !!
Dina kasempatan iyeu, simkuring salaku pembawa acara dina raraga Sholawatan rutin, nanging sateuacan  acara di kawitan, simkuring bade maoskeun susunan acara anu bakal kapidangkeun dina kasempatan iyeu :
Acara ka :
1.      Pembukaan
2.      Hadoroh
3.      Aosan yasin sareng sholawat
4.      Penutup ku Do’a
Hadirin anu ku simkuring di pihormat !
Hayu urang kawitan bae acara iyeu  ku sareng-sareng maos basmalah. “Bismillaahirrohmaanirrohiiiim” . Langsung acara anu ka 1 nyaeta pembukaan ku Aosan ayat ayat Suci Al-Qur’an anu bade di bantunkeun ku saderek...................?// hatur nuhun, mugia nu maoskeun sareng nu mirengkeun kenging pahala ti ALLAH swt Aamiiiin..
Masih dina acara ka 1 nyaeta Aosan Sholawat anu bade di bantunkeun ku Ibu.....................?
Hadirin jama’ah sholawan Al-Basyariah anu ku simkuring dipihormat.. !!.
Salajeungna acara nu ka 2, nyaeta Hadoroh. Ku kasepuhan urang bpk. Ky Mustopa. Mangga, waktos sareng tempat disanggakeun...
Hadirin anu ku simkuring dipihormat !!
Salajeungna acara anu ka-3 , nyaeta Aosan yasin sareng sholawat dugi ka Asmaul Husna anu bade di bantunkeun ku Ibu..............?  waktos di sanggakeun. // haturnuhun
Hadirin jama’ah sholawan Al-Basyariah anu ku simkuring dipihormat.. !!
Acara anu terakhir nyaeta doa/penutup anu bade di bantunkeun ku Bpk. Ky. Mustopa. Waktos di sumanggakeun
Hadirin nu ku simkuring dipihormat !!

Acara demi acara parantos rengse dilaksanakeun. Simkuring salaku pembawa acara nuhunkeun dihapunten bilih aya kalepatan dina maoskeun susunan acara. Hayu urang tutup acara iyeu ku aosan hamdalah.... “ Alhamdulillahirobbil aalamiiin”


والسلام عليكم ور حمة الله وبركاته

Komentar

Posting Komentar